Barudak kelas XI IPA-2 ditugaskeun ku Guru Basa Sunda dipiwarang ngadamel kaligrafi aksara sunda, anu kedah dikumpulkeun minggu payun. Ku Guru basa Sunda ditangtukeun sakelompokna teh aya 8 urang. Teras wae barudak teh milarian kelompokna masing-masing.
Dani
“ Is…… Ari salira kelompok kaligrafi aksara sunda sareng saha??????”
Euis
“ Puguh Euis oge teu acan aya kelompokna.
“
Dani “ Hayu jeung abdi atuh milarian rencang deui, engkena ngadamel
kelompok.”
Euis
“ Muhun hayu atuh!!!!!!”
Dani
“ Tuh aya Willy sareng Nina ,taroskeun
bilih teu acan aya kelompokna.”
Euis “ Heh will…… Tos gaduh kelompok kanggo kaligrafi basa sunda teu acan?”
Willy
“ Teu acan is, Willy sareng Nina oge nuju milarian kelompok ieu teh.”
Nina
“ Muhun… Muhun hayu abdi oge teu acan gaduh kelompok.”
Dani
“ Tah urang tos aya opatan, tinggal opatan deui yeuh.”
Willy
“ Saha deui nya dani ?”
Dani
“ Ajakan atuh pamegetna saurang mah, ambeh abdi aya rencangna.”
Willy
“ Saha atuh?”
Dani
“ Tuh si jalasena wae atuh.”
Willy
“ Muhun sok ajakan.”
(Tuluy wae Dani,Willy, Nina , sareng Euis teh
nyampeurkeun Jalasena)
Nina
“ Sena tugas kaligrafi basa sunda tos aya kelompokna teu acan?”
Jalasena
“ Teu acan, ari kitu kunaon?”
Euis
“ Bade ngiringan sareng kelompok urang?”
Jalasena
“ Saha wae kitu kelompokna?”
Euis “ Tos aya Dani, Willy, nina, jeung abdi.”
Euis “ Tos aya Dani, Willy, nina, jeung abdi.”
Jalasena
“ Nya sok atuh.”
Nina
“ Hmmm…Jigana Veni , Sindi sareng Leni nuju milarian kelompokna.”
Willy
” Nya panginten, cobi tumaros atuh.”
Nina ” Ven kelompok kaligrafi basa sunda sareng saha ?”
Nina ” Ven kelompok kaligrafi basa sunda sareng saha ?”
Veni
” Puguh abdi teh teu acan aya
kelompokna. Nina kelompok saha?”
Nina
“ Kelompok Euis,Dani,Jalasena,
sareng Willy , Veni hayu atuh gabung wae
sareng
kelompok urang.”
Veni
“ Nya hayu, sakantenan Sindi sareng Leni teu acan aya kelompokna .”
Leni
“ Nya atuh abdi ngiring gabung.”
Veni
“ Mangga. Jadi nambihan kelompokna.”
Sindi
“ Abdi ngiring gabung nyah!”
Leni
” Nya hayu sin , ambeh sareng!”
Sindi
“ Nya atuh muhun.”
Veni
“ Tah ayeuna mah tos pas dalapan urang, tinggal tangtukeun dimana kerja
kelompokna ?”
Sindi
“ Hayu atuh di bumi Sinsi bae kerja
kelompokna, kumaha?”
Leni
“ Tah muhun di bumi Sindi wae, bade
iraha kerja kelompokna .”
Sindi
:
“ Kumaha lamun ke enjing uih sakola?”
Veni
“ Mangga Sin, kumaha rerencangan satuju teu ?”
Sadaya
“ SATUJUUUUUUUU!!!!!!!!!”
By : Willy Lestari

0 komentar:
Posting Komentar